Lompat ke isi

Itil

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Clitoris
Anatomi jeroan mémék manusa, diantarana kulit itil jeung labia minora *** ditandaan ku garis. Itil manjang ti bagian *** katempo nepi ka handapeun tulang baga.
Rincian
PrekursorTuberkulum génital
ArteriSirip tonggong itil, artéri jero itil
VenaVéna dorsal superfisial itil, véna dorsal jero itil
SarafSaraf tonggong itil
Pengenal
MeSHA05.360.319.887.436
Dorlands
/Elsevier
Clitoris
TAA09.2.02.001
FMACitakan:FMA
Terminologi anatomi
Anatomi réproduktif internal awéwé

Itil (Basa Inggris: clitoris, basa Indonésia: klitoris) nyaéta organ séks awéwé umumna mah sakum mamalia bikang, kawas manuk onta jeung sajumlah sato séjénna. Bagéan *** nyentil kawas kutil ieu perenahna lebah juru labia minora, luhureun liang heunceut. Teu cara hulu kontol, homolog lalaki satara jeung itil, biasana teu ngandung bagian distal (atawa bubukaan) urétra jeung deuih teu dipaké pikeun lawang miceun cikiih. Sedengkeun sawatara sato kingkiihanna liwat itil mah nya hyena, *** miboga itil *** ngembang hadé pisan, kingkiihan, sarta jadi organ palengkep mangsa babar. Babaraha mamalia séjénna, kawas lemur jeung monyét lancah, ogé miboga itil *** kawilang hadé ngembangna.[1]

Ari itil téh zona érotis manusa *** pangsénsitifna, deuih umumna mah mangrupa sumber anatomi utama kenikmatan séksual awéwé.[2] Di manusa jeung mamalia séjénna, ngembangna itil keur dina émbriona mah asalna tina tuberkulum génital. Mimitina mah sarua, ieu tuberkulum satuluyna ngembang, aya *** jadi kontol aya ogé *** jadi itil. Ieu téh gumantung kana aya atawa henteuna ptéin tdf, *** dikodifikasi ku gén tunggal dina kromosom Y. Ari itil mah struktur *** kompléks, ukuran jeung kapekaanna variatif. Kelenjar (hulu) itil manusa ukuran jeung bentukna téh kawas kacang, matak di sawatara wewengkon mah sok disebut "kacang" atawa "kakacangan". Diperkirakeun itil téh miboga leuwih ti 8.000 tungtung saraf sénsorik.[3]

Referensi

[édit | édit sumber]