Surah Al-Waqi'ah
Al-Waqi'ah الواقعه |
|
---|---|
Informasi | |
Harti | Poé Kiamat |
Ngaran séjén | 'Surotul Ghina |
Golongan | Makiyyah, |
Surah ka | 56 |
Juz | Juz 27 |
Waktu turun wahyu | 46 [1] |
Statistik | |
Jumlah ruku' | 3 ruku' |
Jumlah ayat | 96 ayat |
Jumlah kecap | 378 |
Jumlah aksara | 1703 [2] |
Surat Al-Waqi'ah (Arab: الواقعه, "Poé Kiamat") nyaéta surat ka-56 dina Al-Qur'an. Ieu surat kawengku 96 ayat jeung kaasup golongan surat Makkiyah. Diturunkeun sabada surat Ta Ha (surat ka 20/ 45 nurutkeun turuna) dingaranan Al Waaqi'ah (Poé Kiamat, Anu Pasti Kajadian), dicokot tina kecap Al Waaqi'ah *** aya di ayat kahiji.
Ayat 1-96
[édit | édit sumber]Tarjamah
[édit | édit sumber]Kalayan asma Alloh *** Maha Welas tur Maha Asih.
- Mun tumiba poé Kiamat,
- euweuh *** nolak kana kajadianana.
- (kajadian kiamat) ngagejrétkeun (hiji golongan) jeung ngangkat (golongan *** séjén).
- Mun marcapada digenjlongkeun satakerna,
- Jeung gunung-gunung diancurkeun saancur-ancurna,
- lebuna awur-awuran, paburisat lir silalatu seuneu (katiup angin puyuh)
- Jeung aranjeun jadi tilu golongan,
- nyaéta golongan katuhu, kacida mulyana golongan katuhu,
- jeung golongan kénca, kacida rugina golongan kénca,
- Jeung jalma-jalma *** tiheula (ariman), maranéhna *** pangheulana (asup sorga).
Poko-Poko Eusi
[édit | édit sumber]- Mun geus cunduk waktuna ninggang mangsana poé pinasti. Taya *** sangsi kana datangna. *** ngahandapkeun tur *** ngangkatkeun. Mun marcapada digénjlongkeun, gunung-gunung baritu, lebuna awur-awuran. Harita jadi tilu madhab. Madhab katuhu, kacida bagja madhab katuhu? Madhab kénca, kacida cilaka madhab kénca? jeung *** utama (السَّابِقُونَ), *** ti heula iman, kana kahadéan.
- *** utama (السَّابِقُونَ), *** deuheus (ka Alloh) tempatna di Jannat an-Na'im (surga *** pinuh ku ni'mat), Golongan Katuhu ( أَصْحابُ الْمَيْمَنَةِ) dina kawaluyaan, jeung golongan kénca (أَصْحابُ الْمَشْئَمَةِ) dina naraka jahim.
- Ciri jalma *** hirupna samemena: teterusan nyieun dosa, teu percaya kana poé dihirupkeun tina kubur. Maranéhna bakal dikumpulkeun kabéh, *** bihari ogé *** kiwari dina poé pinasti, kadahareunana zaqqum, caina panas ngagolak.
- Kersa Gusti Alloh nyipta manusa tina cai mani, nuwuhkeun pepelakan, nurunkeun cai hujan, seuneu pikeun tatangkalan.
- Tasbéh kana kaagungungan Alloh *** éstu sumpah ku ngaplakna béntang marakbak, Al Qur'an *** mulya, dina kitab *** dijaga, teu dicabak iwal ku *** suci, *** lungsur ti Pangéran sakabéh alam.
- Nalika nyawa tepi kana genggerong, bari aranjeun nempokeun. Lamun aranjeun wenang naha teu dibalikkeun.
- Bener yakin bagja pikeun jalma deuheus ka Alloh ku surga Na'im, salamet pikeun madhab katuhu, jeung dumukna tukang bohong di naraka Jahim.
Tadabbur jeung Tadzakkur
[édit | édit sumber]*** pasti cunduk
[édit | édit sumber]إِذا وَقَعَتِ الْواقِعَةُ. Lapad (الْواقِعَةُ) ngandung harti sora *** ngajelegur, waktu *** pasti cunduk, kiamat.[3] geus cunduk waktuna ninggang mangsana poé pinasti. لَيْسَ لِوَقْعَتِهَا كَاذَِبَةٌ Taya *** sangsi kana datangna, boh mu'min atawa kafir.[4] خَافِضَةٌ رَّافِعَةٌ *** ngagejrétkeun (sabagéan *** luhur pangkat di dunya) jeung *** ngangkatkeun (darajat sabagéan jalma *** dianggap hina)[5] ...إِذَا رُجَّتِ الأَرْضُ رَجّاً... Mun marcapada digénjlongkeun satakerna. ...وَبُسَّتِ الْجِبَالَ بَسّاً... jeung gunung-gunung baritu, runtuh, ngaley, rengkah, jeung bubuk.[6] فَكَانَتْ هَبَآءً مُّنبَثّاً lebuna awur-awuran,paburisat [7] lir silalatu seuneu, lir dadaunnan *** katiup angin puyuh.[8]
Tilu Golongan
[édit | édit sumber]وَكُنتُمْ أَزْوَاجاً ثَلاَثَةً (Harita) aranjeun jadi tilu golongan, dua di surga hiji di naraka.[9]فَأصحَابُ المَيْمَنَةِ ما أصحَابُ المَيْمَنَةِ Golongan katuhu, kacida bagja golongan katuhu? Nyaéta ahli sorga. وأصحَابُ المَشأَمَةِ ما أصحَابُ المَشأَمَةِ Golongan kénca, kacida cilaka golongan kénca? Nyaéta ahli naraka. Jeung *** katilu utama (as-Sabiqun). Dicskeun dina: ثم أورثنا الكتاب الذين اصطفينا من عبادنا فمنهم ظالم لنفسه ومنهم مقتصد ومنهم سابق بالخيرات بإذن الله . Satuluyna ieu kitab, Kula wariskeun ka jalma-jalma *** dipilih ti antara abdi-abdi Kula. Ti antarana aya dholim ka dirina sorangan, aya *** sineger tengah, jeung aya tiantarana *** tiheula dina kahadéan kalayan idin Alloh.
*** Pangheulana ( السابقون )
[édit | édit sumber]والسابقون السابقون Kecap diulang dua kali boga harti *** tiheula iman tiap umat, *** gagancangan ka masigit, *** solat ka kiblatain, para nabi a.s.,[10] kaol lian, aya opat: Hizqil *** iman ti karabat Fir'aun, *** tiheula umat 'Nabi Isa a.s. Habib an-Najar, dua *** tiheula umat Nabi Muhammad s.a.w, Abu Bakar jeung 'Umar r.a.[11] أولئك المقربون. Maranéhna *** deuheus. Kecap ثلة, boga harti satengah.[12] Kalimat من الأولين Boga makna sohabat Nabi s.a.w, kaum Nabi Nuh a.s (*** iman). وقليل من الآخرين Maksudna, sohabat Nabi s.a.w.[13] Riwayat ti Abu Huraéroh r.a. nalika turun ثلة من الأولين وقليل من الآخرين. Para sohabat Nabi s.a.w. ngarasa susah teras turun ثلة من الأولين وثلة من الآخرين. Nabi s.a.w ngadawuh: ...إني لأرجو أن تكونوا ربع أهل الجنة بل ثلت أهل الجنة بل أنتم نصف أهل الجنة وتقاسمونهم في النصف الثاني...Kuring ngarep-ngarep aranjeun 1/4 ahli sorga, malahan 1/3 (sapertilu) jeung malahan satengah (1/2)na. *** utama (muqorrobin, *** deuheus ka Alloh) tempatna di Jannat an-Na'im (surga *** pinuh ku ni'mat), seulobana tinu bihari, sapalihna tinu kiwari, dariuk bari pahareup-hareup, diladénan ku pelayan *** nyandak tuang leueuteun teu matak weureu, bubuahan *** pinilih, daging *** kadesem, widadari *** panona cureuleuk lir mutiara *** dijaga, teu nyarita iwal *** pisalameteun, teu matak gaflah ogé teu pidosaeun.
Golongan Katuhu ( أَصْحابُ الْمَيْمَنَةِ )
[édit | édit sumber]( أَصْحابُ الْمَيْمَنَةِ ) aya sababaraha kaol, nyaéta *** hirupna bener, teu kaasup *** deuheus (muqorobin), *** nyangking kitab amal ti katuhu, umat *** tumut tapi teu tepung jeung para nabi a.s, jeung *** nyieun kahadéan ogé kagoréngan tapi tuluy tobat.
Golongan kénca (أَصْحَابُ ٱلشِّمَالِ)
[édit | édit sumber]وَأَصْحَابُ ٱلشِّمَالِ مَآ أَصْحَابُ ٱلشِّمَالِ Teterusan nyieun dosa, teu percaya kana poé dihirupkeun tina kubur. Maranéhna bakal dikumpulkeun kabéh, *** bihari ogé *** kiwari dina poé pinasti, kadahareunana zaqqum, caina panas ngagolak.
Kersa *** Kawasa
[édit | édit sumber]Alloh *** nyipta manusa tina cai mani, nuwuhkeun pepelakan, nurunkeun hujan, nyipta seuneu jeung kakaian keur barangasakan.
Sumpah Pangéran
[édit | édit sumber]Tasbéh kana kaagungungan Alloh *** éstu sumpah ku ngaplakna béntang marakbak, Al Qur'an *** mulya, dina kitab *** dijaga, teu dicabak iwal ku *** suci, *** lungsur ti Pangéran sakabéh alam.
Nyawa dina genggerong
[édit | édit sumber]Nalika nyawa tepi kana genggerong, bari aranjeun nempokeun. Lamun aranjeun wenang naha teu dibalikkeun.
Haqqul yakin
[édit | édit sumber]Bagja pikeun jalma deuheus ka Alloh ku surga Na'im, salamet pikeun madhab katuhu, jeung dumukna tukang bohong di naraka Jahim.
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Mushaf al-Madinah an-Nabawiyah (bi-Riwayah Hafsh). Madinah: Mujamma' al-Malik Fahd li-Thiba'ah al-Mushaf asy-Syarif. Halaman Ba'
- ↑ Bashair Dzittamyiz Fi Lathaif al-Kitab al-Aziz, al-bab al-awwal at-thorf ats-tsany a-mawaqif, bashirat fi idza waqo'at al-Waqi'ah, Mazdudin Fairuz Abadi Muhammad bin Ya’qub
- ↑ Tafsir an-Nukat wal 'Uyun (Tafsir Al-Mawardi), Abul Hasan 'Ali bin Muhammad bin Habib al-Mawardi, Surat Al-Waaqi'ah.
- ↑ Kaol Ibnu 'Abbas jeung Ibnu Kamil r.a.
- ↑ Kaol Muhammad bin Ka'ab r.a.
- ↑ Kaol Ikrimah, Muh. Ibnu Ka'ab, Mujahid,jeung Lash Gotfan
- ↑ Kaol as-Suddi r.a
- ↑ Kaol Ibnu 'Abbas, Qotadah r.a.
- ↑ Kaol Sy Umar bin Hottob r.a.
- ↑ Kaol Hasan, Qotadah, Ibnu Sirin, Ibnu Ka'ab r.a.
- ↑ Numutkeun Ibnu 'Abbas r.a.
- ↑ Kaol ad-Dhohhak r.a.
- ↑ Kaol Al-Hasan r.a.
Pranala luar
[édit | édit sumber]Surat sateuacanna: Ar-Rohman |
Surat 56 | Surat saparantosna: Al-Hadid |
Al Qur'an | ||
1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114 |