Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
11 Juli nyaéta poé ka-192 dina sataun (ka-193 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 173 poé.
- 1405 - Palanglang Tiongkok Chéng Ho ngamimitian palayaran munggaranna ka daérah-daérah di Samudra Hindia ku paréntah Kaisar Yongle.
- 1576 – Martin Frobisher manggihan Greenland.
- 1811 – Élmuwan Italia, Amedeo Avogadro, medalkeun catetanna ngeunaan molekul-molekul gas.
- 1833 - Yagan, pajuang Aborigin ti séké Noongar nu ditéangan lantaran mingpin panarajangan masarakat bulé di Australia Kulon, dipaténi.
- 1900 – Charlotte Cooper ngéléhkeun Hélène Prévost pikeun jadi juara Olimpiade ténes nu munggaran sarta ogé jadi awéwé nu munggaran nu sacara individu meunang di Olimpiade di antara kabéh cabang.
- 1922 - Amfiteater Hollywood Bowl dibuka di Los Angeles, Kalifornia, Amérika Sarikat.
- 1995 - Pangbantéan Srebrenica: Kira 8000 urang Muslim Bosnia dipaténi ku tangtara Sérbia Bosnia pingpinan Jéndral Ratko Mladić.
- 2007 - Quanzhi Ye manggihan Komét Lulin.
- 2015 – Raja obat Méksiko, Joaquín "El Chapo" Guzmán kabur ti panjara kaamanan maksimum Altiplano di kuloneun Kota Méksiko ngaliwatan torowongan sapanjang 1,5 km ti sélna nepi ka hiji imah nu di sadeukeuteunna nu ngahaja dijieun.
- 2019 – Modél pamungkas tina VW Beetle diproduksi di Pueblo, Méksiko, minangka produksi nu pamungkas sabada 80 tahun.
- 1274 – Robert the Bruce, raja Skotlandia (td. 1329)
- 1767 – John Quincy Adams, présidén AS kagenep (td. 1848)
- 1934 – Giorgio Armani, tukang ngarancang pakéan Italia
- 1953 – Leon Spinks, tukang boksén Amérika
- 1958 – Hugo Sánchez, pamaén bola Méksiko
- 1959 – Richie Sambora, pamaén hitar Amérika (Bon Jovi)
- 1970 – Justin Chambers, aktor Amérika
- 1975 – Rubén Baraja, pamaén bola Spanyol
- 1989 – David Henrie, aktor Amérika
- 1996 – Alessia Cara, yukang ngawih Kanada
|
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.
|