Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
25 Juli nyaéta poé ka-206 dina sataun (ka-207 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 159 poé.
- 1646 - Sakelompok nu jumlahna 107 tangtara, 60 palaut, jeung 20 tangtara pribumi di handapeun pingpinan Verheyden na waktu peuting nyerang ka Bénténg Kapahaha, Maluku.
- 1799 - Pasukan Perancis-Mesir dina pingpinan Napoléon I nalukkeun Turki dina Patempuran Abukir.
- 1814 - Tukang mesin Inggris, George Stephenson ngenalkeun karéta uap-na nu munggaran, hiji mesin angkutan nu dirancang pikeun ngakut batu bara di jalan karéta Killingworth, tur dingaranan Blücher.
- 1854 - Walter Hunt meunangkeun patén AS pikeun kerah bajuh kertas.
- 1908 - Pausahaan Ajinomoto diadegkeun. Kikunae Ikeda ti Universitas Imperial Tokyo nimu bahan utama tina sop Konbu nyaéta monosodium glutamate (MSG), tuluy maténkeun cara pangjieunnanna.
- 1943 - Benito Mussolini direureuhkeun tina jabatan Perdana Menteri Italia ku kawenangan Raja Victor Emmanuel III.
- 1944 - Jepang mesatkeun serangan banzai ka Guam.
- 1946 - Konférénsi Malino lekasan kalawan dibentukna Nagara Indonésia Wétan.
- 1949 - KNIP ngesahkeun hasil Pajangjian Roem-Roijen.
- 1950 - Sajarah TNI: Dirk Cornelis Buurman van Vreeden, Komandan KNIL pamungkas, masrahkeun markas besar KNIL ka Tangtara Nasional Indonésia, nandaan dibubarkeunna KNIL sacara resmi di tungtung éta poé.
- 1966 - Kabinét Ampéra I diistrénan sarta sacara resmi mancén sanggeus réngséna Kabinét Dwikora III.
- 1978 - Louise Brown, "orok tabung" munggaran, lahir.
- 1983 - Albeum munggaran Metallica, Kill 'Em All, dipedalkeun ku Megaforce Records.
- 2005 - Panerbangan Bouraq Indonesia Airlines dicabut idin.
- 2013 - Dibukana Bandar Udara Internasional Kuala Namu, Déli Serdang, Sumatra Kalér.
- 2016 - Verizon béwara meuli Yahoo saharga $4,83 milyar.
- 1884 – Davidson Black, paléontropolog Kanada (td. 1934)
- 1894 – Gavrilo Princip, urang Sérbia Bosnia nu nelasan Pangéran Franz Ferdinand (td. 1918)
- 1920 – Rosalind Franklin, ahli biofisika, kimia jeung akademisi Inggris (td. 1958)
- 1925 – Sarwo Edhie Wibowo, Panglima RPKAD (td. 1989)
- 1950 – Mark Clarke, pamaén bass Inggris (Uriah Heep)
- 1951 – Verdine White, pamaén bass Amérika (Earth, Wind & Fire)
- 1967 – Matt LeBlanc, aktor Amérika
- 1971 – Tracy Murray, pamaén baskét Amérika
- 1986 – Robby Purba, presenter indonésia
|
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.
|